
Kacatur
jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana
Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu
bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.Kumargi
Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka
putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon
Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna
dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang
guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh
ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug...